Lomba ngadongeng dina Porsivitas Tingkat Kecamatan Sukahening

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh

Langkung tipayun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka panatacalagara anu parantos masihan waktos ka sim kuring kanggo ngiring tandang makalangan dinakagiatan porsivitas tingkat Kacamatan Sukahening.
Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, dina kasempetan anu sae ieu sim kuring bade ngadugikeun dongeng sasakala ngeunaan asal – usul ngaran kampung :
Kalapa Genep


Di sisi walungan Cimedang, aya hiji imah nenggang, dicicingan ku aki – aki. Geus lila pisan matuhna didinya teh. Manehna teh geus teu dulur teu baraya, hirupna estu nunggelis. Ari pagawean sapopoena si Aki teh kana ngahuma. Hasil tatanenna ukur cukup keur pangabutuh sasoranganeun wae. Jajauheun mun hirupna medah meduh.
Pikeun nambah – nambah panghasilan, mun keur salse si Aki sok ngala lauk ka walungan. Ngalana teh make babadon, ditaheunkeun. Pasosore diteundeunditempat anu sakira loba laukan, isukna diteang terus diangkat. Mun beubeunangan keur loba, lauk teh ku si Aki sok digaringkeun sawareh, keur bikeuneun lamun aya
nu nganjang ka imahna.
Si Aki getol pisan ibadahna. Sanajan keur gering oge, tara kungsi ninggalkeun solat nu lima waktu. Lamun geringna ripuh pisan, dina sakalieun wudu ka pancuran di lebakeun imahna oge sok bari ngorondang wae.
Hiji waktu, basa si Aki keur gering parna, si aki maksakeun ka cai saentasna wudu si Aki teu kuateun balik deui ka imahna. Dina waktu harita teh kabeneran wae peutingna aya nu ngobor manuk. Si Aki dipangku dibawa ka imahna, terus diubaran ku pahinum popogan lame meunang ngaleob. Tidinya mah si Aki teh nya rada jagjag deui.
Hiji mangsa, dina keur usum ngijih, lahan nu dicicingan ku si Aki kacaahan. Caina mani lebleban. Najan kitu, manehna teu gancang – gancang ingkah ti dinya, tapi kalahka naek kana suhunan imahna, bari mawa kalapa meunang ngantetkeun, kabehna aya genep. Ari maksudna mah, bisi imahna terus laput kakeueum ku caah,
manehna rek ngojay bari numpakan kalapa meungan ngantetkeun tea. Hujan taya eureunna, malah beuki gede wae. Si Aki oge tungtungna mah palid kabawa caah. Untungna teh kusabab mawa kalapa tea, jadi awakna kabawa ngambang.
Si Aki ahirna tepi ka muara walungan Cimedang. Didinya mah caina teu pati tarik, da geus rada ngajumbleng. Manehna bisa ngaboseh ka sisi, alhamdulillah salamet, terus diuk dina dahan tepi cai caah orot. Ari kalapa kabeneran ngait kana dahan di hiji nusa.
Isukna, Si Aki ditarulungan, dihanjatkeun ka darat. Kantetan kalapa mah di antep bae, ditinggalkeun di nusa.
Heuleut sawatara lila, eta kalapa teh genepanana sirungan, jadi kitri. Kusabab lahanna subur, kitri teh tumuwuh mani morontod, tangkalna marontok, daunna ngaremploh. Beuki lila, beuki lila, eta tangkal kalapa nu genep teh ahirna mah nepi ka buahanana.
Ti harita, eta tempat teh katelahna Kalapagenep. Ayeuna mah kaasupna ka Kacamatan Cikalong beulah wetan, tapel wates jeung Kabupaten Ciamis.
Girang pangajen anu ku sim kuring dipihormat, rupina mung sakitu dongeng ngeunaan asal – usul ngaran lembur Kalapagenep.
Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh

Related Posts:

Silahkan Tinggalkan Komentar Anda :